Jumat, 30 September 2016

Carita Pondok Lili Guntur

OBROLAN DINA TELEPON

1
              
  Wanci haneut moyan Abdul karek hudang. Manehna mah geus biasa, hudang sare teh beurang wae. Teu tuluy ka cai kalah ngadon cindekul dina korsi dipatengahan. Top kana remot,ngahurungkeun tivi. Unggal cenel di pilih.
                Ku  Abdul tadi kadenge, memeh indit dines pamajikanana nyarita bangun anu humandeuar ka si Cikal,”Hirup teh meni asa ripuh-ripuh teuing, teu weleh wae kurang!”Pokna.
                Ngadenge indungna nyarita kitu si Cikal teu nembal. Jongjon dangdan nilik diri hareupeun kaca eunteung.
                Omongan pamajikanana model kitu saeutikna  keur Abdul mah ngajadikeun hiji pamikiran. Sirah Abdul karasa koleng. Kumaha carana atuh hayang hirup ma’mur? Pangabutuh sapopoe kacumponan,budaksakola kabiayaan nepika jucungna  jadi sarjana.
                Abdul ngunial cengkat. Koloyoh ka vaviliun. Gek dina korsi nyanghareupan meja tulis paranti baranggawe nyieun berita atawa nyiapkeun skrip keur bahan ngajomantara (siaran). Top kana Koran susuganan aya artikel alus. Tapi harita pikiran Abdul bener-bener keur teu mood. Inspirasi ngadadak mintul euweuh ideu keur nyieun skrip bahan siaran engke peuting.

2
                Saparapat jam memeh on air, Abdul kakara datang. Manehna mah tara lila-lila nongkrong di studio. On time we muru jam siaran,waktuna ngajomantara (mengudara). Jadwal siaran Abdul bagian peuting. Ti jam sapuluh nepika wanci janari. Si Kalong we sugan mah!
                “Tadi teh aya telepon Kang!” Cek si Kepul pagawe bagian office boy waktu mireungeuh Abdul datang.
                “Ti saha Pul?”
                “Ti Mamah Seli. Saurna engke bade nelepon deui ka …1020.”
                Abdul ngaleos ka ruang persiapan. Panceg tabuh sapuluh si Pres kaluar tirohangan siaran,karek beres nutup acara. Giliran Abdul ayeuna on air  ngokolakeun acara ‘Gunem Catur’ mangrupa obrolan dina bahasa Sunda dipasieup ku lagu-lagu Sunda pinilih.
                Abdul ngamimitian ngajomantara. Sorana semu rada-rada peuyeuh tapi cukup dipikaresep ku para pendengar,pangpangna ku kaum hawa. Sabada nepikeun salam ka para pendengar,Abdul tuluy  muter lagu anu dipilandep ku Mamah Seli. Basa lagu ngaleu dijomantara, lampu hejo anu naplok dina meja siaran hurung kikiceupan tandana aya telepon asup. “Biasa yeuh anu hayang ngobrol dibelakang,”gerentes hate Abdul. Gancang gagang telepon di angkat.Sangkaan Abdul teu nyalahan, nu asup tetela Mamah Seli.
                “Hallo…?”
                “Lagu kalandep pangheulana di puter…”Cek sora tina telepon anu taya lian Mamah Seli.
                “Ih atuh trik penyiar! Saha heula penyiarna…Abdul hehehe…”
                “Dasar penyiar cegos,bisa we mancing na teh da ngarah ditelepon!”
                “Keun wae cegos oge da kasep.”
                “Narsis pisan ieu mah yeuh,penyiar nu hiji ieu!Aya leuwihna deuih,purunyus…!”
                “Purunyus teh ieuh tandana bergairah cek Doel Soembang oge, jadi lamun boga salaki kudu kanu purunyus!”
                “Ih meni tara daek eleh omong,abong penyiar!”
                “Hahaha….Eh,tadi ‘Neneng’ cenah nelepon,katarima ku si Kepul?”
                “Enya!”
                “Hebat! Sisinanteneun aya keberanian nelepon wayah kieu,malem-malem? Na kamana kitu ingkang caroge?”
                “Keur euweuh!
                “Paingan! Jeung saha atuh ayeuna di rumah?”
                “Nya sorangan atuh, gulang-guling nangkeup radio. Tiris eung…kesepian!”
                “Kaciaan de lu..!”
                “Omat,kadieu ke nya,pulang siaran!”
                “Teu mawa motor. Barabe naek angkot mah.”
                “Tulungan ieuh…”
                “Naon tea…?”
                “Teu kuat tiris,hayang dikeukeupan omat ke kadieu!”
                “Nu gehel! Naha kamana atuh cenah salaki teh teu boga kakarunya pamajikan sina gulang guling
sorangan?”
                “Kaindungna meureun,teuing da geus dua peuting indit na teh! Omat nya,ke pulang siaran kadieu!Naek taksi we!”
                “Teu boga keur ongkosna.”
                “Ieu mah penyiar,lau teh ngan teu boga duit we! Iraha rek bengharna,loba duit?”
                “Ih matak teu beunghar loba harta oge Gusti nyaaheun. Sigana lamun sayah loba duit bakal balakacius,sabab loba modal! Cacakan tara boga duit tapi angger setia….Selingkuh Tiada Ahir,hahaha…Loba oplet mengkol cek si Boni oge penyiar mah!”
                “Bongan tiheula di ajak kawin ku ieu embung,padahal lamun kawin ka ieu mah pasti bakal senang moal kakurangan duit,atuh budak dibiayaan kuliah.”
                “Atuda didinya mah mahiwal,kawin randa hayang raramean,hayang ondangan sagala jeung naggap dangdut. Ngomong-ngomong,kumaha,kumaha, sugema henteu ayeuna boga salaki kanu boga title haji teh? Hehehe…”
                “Tong nyarita kitu ieuh bisi di dengkek. Sok jadi ararambek ieu mah.”
                “Hehehe…tuang we…!Eh….keheula nya,tutup heula telepona,lagu tuh geus beak,saya rek nyarita heula ka udara.”Abdul nutup obrolan.

3

                “Enjing teh Kang kaping 20…,listrik …”Omong pamajikan Abdul,isuk-isuk memeh indit ka pabrik.”Inda deuih teu acan mayar biaya pemantapan belajar, nukagungan bumi deuih tos nga –sms- nyuhunkeun ditransferkeun,naek saurna teh taun ieu mah pangaos kontrakkan teh.”
                Isuk keneh pamajikanana geus laporan. Abdul teu nyarita. Harita pamajikanana tuluy munjungan,sun tangan,ngok nyium pipi kenca katuhu,”Abdi angkat Kang,assalaamu’alaikum,”pokna pamit.
                “Wa’alaikum salam,”tembal Abdul.
                Sedengkeun si Cikal mah tadi oge geus indit.Geus meh sabulan indit sakolana  rebun wae,cenah mah keur aya kegiatan pemantapan belajar disakolana,sakeudeung deui ujian.
                Sajungna nu jadi pamajikan Abdul ngahuleng.”Kamana aing nyiar duit…loba pisan pangabutuh yeuh?Poe naon ieu teh…? Mh tadi peuting Mamah Seli hayang dipanggihan,keun ayeuna sugan ah rek dilelepon,jam sabaraha nya ieu teh…? Ah can jam dalapan,sugan we aya keneh di rumah…”Abdul ngomong sorangan jero hate.
                Kabeneran anu ditelepon teh keur aya di imah.
                “Sok atuh buru kadieu,da euweuh sasaha di imah oge.”
                “Jeger iraha pulangna?” Cek Abdul,nyebut jeger teh kasalakina Mamah Seli.Mun teu nyebut jeger,satpam,kitu  sesebutan Abdul ka salaki Mamah Seli.
                “Nyao iraha pibalikeunana oge.”
                “Bet kitu sih kasalaki teh?”
                “Inditna oge meunang nyarekan! Bongana…”
                “Hahaha…bongana naon ieuh?Nguciwakeun goreng gawe…?”
                “Heu-euh! Letoy! Nyao ah,menggeus! Buru atuh ari rek ka rumah? Teu kuat yeuh, jangar kana sirah,kudu geuwat dibedahkeun…!”
                “Mening di luar we!
                “Dimana?”
                “Ku sayah ayeuna ditunggu di rumah makan nu biasa….”
                “Terus…?”
                “Tah engke geus aya di rumah makan urang ngarencana,neangan tempat anu merenah,”Abdul nutup obrolan.***




Contact Penulis                : 0852 9487 4774

Carpon Lili Guntur: SALINGKUH      SABOT Lilis keur titilep meresan pangsrean,Imas norojol geus saged meunang di seragam. Sakola...