Carpon Lili
Guntur:
SALINGKUH
SABOT Lilis keur titilep meresan pangsrean,Imas norojol geus saged
meunang di seragam. Sakolana Imas teh kelas hiji atawa kelas 10 SMA. Anak
nunggal. Tampolana mun rada ogoan teh, mun aya kahayang teu bisa dipogogan.
Ongkohna deui kunu jadi indung teu weleh diabanan,kajeun gudar-gedor jual jaar,
berkorban demi nyumponan kahayang nu
jadi anak.
“Kumaha
Mah,meser sapatu gunung sareng ransel the cios? Pokona Mamah kedah cios
mangmeserkeun ransel sareng sapatu gunung,upami henteu Imas moal ngiringan CPD
(Camping Pendidikan Dasar).” Memeh jung ka sakola Imas ngarenghik kaindungna.
“Ku
Mamah oge nuju diemutan,keun engke sugan ngantosan Ayah dongkap.”
“Iraha
sih Ayah uihna?”
“Ke
sonten atanapi wengi.”
“Lami
atuh, Imas kan berangkat CPD na
enjing,enjing-enjing. Moal kabujeng ka pasar atuh ari Ayah dongkapna wengi mah.
Kumaha we atuh Mah carana,milarian artos…” Imas teu repeh ngadongdolek kanu
jadi indungna.
“Nambut
kasaha atuh,da moal cekap ku saratus dua ratus.”
“Pokona
Imas mah tidak mau tau,terserah Mamah
kumaha carana ngayakeun artos dinten ieu kanggo meser perlengkapan CPD. Engke
Imas uih sakola,sapatu gunung sareng ransel kedah
meser.Dag,Mah…,assalaamu’alaikum. Imas berangkat!”
Imas
ngalesoa ninggalkeun indungna,indit sakola,di anteur ku paneuteup indungna
nepika les na.
Sajungna
Imas, Lilis bet jadi ngabaheudeun sorangan jero kamar. Leungeuna masih
ngeukeuweuk simbut tilepaneun. Harita pikiran Lilis ngadak-ngadak baluweng.
Kudu timana ngayakeun duit keur nyumponan pangabutuh nu jadi anak?
Satekah
polah Lilis mapalerkeun eta kabingung. Antukna top kana sapu, der
beberesih,mimiti ti kamar tuluy ka tengah imah,geus kitu ka teras. Basa Lilis
keur jongjon sasapu di teras, harita ku manehna teu kapalire Usman,tatanggana
urang kulon nanya kamenehna.
“Ih,geulis-geulis
torek geuning ! Budi! Budeg dikit,hey nu geulis…!Beberih yeuh?” Sakali deui
Usman nanya bari semu ngaheureuyan.
“Aeh
geuning Kang Usman, punten Kang,numawi abdi the nuju malaweung…hmm…Angkat
kamana?”
“Kieu
we ah luntang-lantung,kaleresan nuju nyalse teu aya kagiatan. Ari barang damel
ulah sok bari malaweung,kamana
Aji,ingkang caroge?”
“Biasa
we nuju ka kota.Tadi angkat rebun keneh.”
“Enya,ari
suami nuju usaha ulah sok dibebani ku emutan,bebaskeun we tong sok di anggo
huleng jentul bari malaweung. “
“Saha
barina oge huleng jentul ngemutan anu nuju usaha? Masihna Kang Usman,nembe
sawengi dicuekin ku The Mimi tos
gagalaprakan…”
“Naonana
gagalaprakan…?
“Muhun,eu..man..aeh…”Lilis
teu kebat mengkek bahamna.
Sedengkeun
Usman harita nyerengeh kacida sugemana dibawa banyol ngaler-ngidul ku Lilis. Sasat hayang
tibaheula meunang kasempetan model kitu teh. Kari-kari ayeuna Lilis bangun anu
kacida leahna.
“Ah
Kang Usman mah tos lami tara ‘gagalaprakan’. Kulem oge tara sara sareng,tos
pisah ranjang,komo saatosna si Agus Ageung mah makin jarang we kikituan teh.”
Ti
tadi nu ngalobrol teh silih gentraan. Usman ngajanteng di juru pager buruan, sedengkeun Lilis di teras
bari nyenyekel sapu,sasat ti tadi keur beberesih.
“Didieu
atuh Kang ngobrolna,urang di lebet geura,sakantenan abdi teh aya nu bade
dicarioskeun ka Kang Usman.”
“Leuh,leuh,leuh,aya
ku rareuwas…aya naon yeuh?” Kituna teh bari jeung atoh meunang pangaku titah kajero ku Lilis.
Teu kaleked,kojengkang unggah nuturkeun Lilis ka jero imah. Satuluyna duanana
dariuk,ngobrol di halere.
“Numawi
kieu Kang Usman. Nanging punten sateuacana abdi teh kumawantun ka Kang
Usman,bane ku terpaksa.”
“Yah,yah,yah,perkawis
naon tea?” Cek Usman geus teu sabar hayang ngadenge naon anu rek diobrolkeun ku
Lilis kamanehna.
Atuh
derekdek naon perkara anu jadi kasusah dirina ku Lilis dicaritakeun ka Usman.
“Tah kitu Kang masalah anu nuju karandapan ku abdi teh. Abdi wanton ngumaha ka
Akang bane we dumeh ngaraos teu asa-asa. Margi upami ngantosan pun lanceuk can
tangtos wayah kumaha uihna ti kota.”Lilis mungkas caritaanana.
“Teu
sawios Lis,bade sareng saha deui urang teh silih tulungan. Silih cumponan
pangabutuh. Kitu sanes?Hehehe…! Tah kitu tong asa-asa,nyarios we ari aya
kaperyogian mah,Kang Usman mah atoh dikumahaan ku Lilis sok komo eta
kaperyogian teh kanggo kapentingan sakola Imas. Etang-etang ngiring mikanyaah
ka Imas. Sabaraha ageungna artos anu
diperyogikeun teh?”
Pok
Lilis nyebutkeun gedena duit anu dibutuhkeun.
“Tenang
lah ari nembe sakitu mah. Ayeuna mah Lilis teu kengeng huleng jentul, bari
nguluwut nguyung. Ke bilih janten
depresi. Upami tos depresi lebar eta pameunteu anu geulis teh moal berag cahayaan.
Sakantenan we kang Usman oge bade blak-blakan,pangemut Kang Usman ayauena
saatna anu paling tepat Kang Usman curhat ka Lilis..”
“Curhat
perkawis naon Kang…” Cek Lilis bari neuteup anteb beungeut Usman anu harita
semu anu asa-asa rek cumarita kadirina. Meunang paneuteup ti Lilis rada
rampang-reumpeung oge Usman teh. Tapi kituna teh teu lila, Usman sadar, manehna
teh lalaki lalanang jagat kudu konsekuen dina nangtukeun sikep jeung putusan.
Antukna Usman ngabales paneuteup Lilis kalawan seukeut. Dua panon paamprok paadu teuteup. Terrrr…serrrr…nud…kana
jajantung Usman aya nu kekenudan. Ngadak-ngadak aya birahi ngagolak jero dada.
Pok Usman ngagerentes jero hatena,”Mh,Lilis teh emang geulis.” Bryay kabayang
dina ingetan Usman tiheula pernah mireungeuh Lilis tas mandi ti sedong meunang
di samping anduk pungsat. Bitisna ngolenyah koneng umyang ngabuah pare. Hate Usman ngageter jantungna
tambah nurugtug pangaruh dorongan birahi hiji lalaki nu geus sawawa.
“Bade
curhat naon Kang Usman teh,sok ku Lilis didangukeun.”
Bari
rada gelagapan pok Usman
nyarita,”Eu..,kieu…,janten…eu…saupami ieu hal
henteu kedal ka Lilis kawasna bakal ngabagel dina angen. Kang Usman
bakal ngaraos panasaran dugika tungtung umur. Terus terang Lis,saleresna kang Usman teh rela
berkorban apa saja kanggo kasugemaan
Lilis. Dangukeun nya Lis,Kang Usman bade nyarios kalayan daria…”
“Muhun
ieu oge nuju didangukeun.”
“Sungguh?
Serius?”
“Bujeng-bujeng
serius abdi mah… dua rius,hmm…”
“Jangan
kulir atuh.”
“Suer!
Saha anu kulir? Sok teraskeun obrolan tadi
gantung dangueun,meni di atus pisan nyarios teh kawas dina sinetron
wae.”
“Ind,indo,kayungyun
ari heureuy nu geulis. Cariosan meni trendy.”
“Tuh
malah Kang Usman kalah ngadongeng nu sanes-sanes. Jangan teras merayu atuh da
abdi mah tos aya nu gaduh.”
“Meungpeung
teu aya nu gaduhna.”
“Tah
eta,pameget kitu teh namina cunihin alias purunyus dotcom saur Kang Elji oge.”
“Saha
Kang Elji?”
“Muhun
Kang Elji,penyiar radio.”
“Saur
tiori, gaduh caroge mah kedah ka pameget anu sakedik kagungan watek cunihin.
Margi cunihin teh tandana gairah.”
“Filosofi
saha eta teh? Eta mah filosofi Kang Usman.Nembe terang Lilis mah.”
“Kasihan
de lu. Nembe terang,nya.”
“Kang
Aji mah bageur da, teu cunihin kawas Kang Usman.
“Kantun
Lilis we menilai,lalu coba merasakan, bahwa laki-laki cunihin mah penuh
gairah,hahaha.”
“Tos
ah,tong ngadongeng soal nu kitu. Sok nyur..nyuran…abdi mah. Teraskeun obrolan
tadi teh,janten kumaha?”
“Eh
enya,tos dugika mana tadi hanca obrolan teh?”
“Duka,ih!”
“Keun
we atuh soal obrolan mah. Tampi heula ieu artos. Heug simpen dinu merenah.”
Usman ngasongkeun duit saratus rebuan lima lambar.
“Nuhun
Kang.”
Sanggeus
nampanan duit Lilis ngojengkang ka kamar,maksudna rek ngampihan eta duit. Teu
nyangka mun harita Usman bet nuturkeun. Ku Lilis di cegah. Tapi Usman
merekedeweng.
“Teu
kengeng ka lebet atuh!” Bari nyurungkeun awak Usman sina kaluar. Usman kalah ulungah-elengeh.
Gep,leungeun Lilis di cekel lebah pigeulangan bari nyarita semu haroshos,”Lis…”
Cek Usman. Tapi cekelanana geuwat kuLilis dikepeskeun.
“Kaluar
Kang,bilih aya jalmi.”
“Aman
Lis,da teu aya sasaha atuh.” Gep deui ayeuna mah Usman teh nyekelna kana lebah
taktak. Atuh posisi awak duanana jadi paduhareupan. “Teu aya sasaha Lis,moal
aya nu terangeun.” Sora Usman semu ngageter.
“Gusti
Alloh Maha Uninga.”
“Oh,geuning..emut
nya ka Pangeran.”
Lilis
jamedud teu panuju kana peta Usman anu campelak cumantaka ka dirina. Tapi
harita cekelan Usman can keneh udar. Kalah tuluy lalaunan awak Lilis diadekeun
kana awakna. Sajongjongan Lilis ngahenen dina rangkulan Usman.
“Kang,teu
kengeng kikieunan ah!” Lilis geugeubig deui,nerejel hayang leupas tina
rangkulan Usman.
“Akang
teh panasaran Lis. Salami ieu Kang Usman tersiksa emut wae ka Lilis.”
“Sing
hawatos atuh ka abdi…” Lilis ngalengis. Tapi Usman kalah beuki teu uyahan.
Rangkulanana tambah pageuh.
“Tapi
ketang Kang Usman oge moal maksa anu teu suka.”
Ngadenge
Usman nyarita kitu Lilis tanggah. Katangen usman keur anteng neuteup manehna.
Basa dua panon paadu teuteup,dumadakan cipanonLilis ngemeng dina kongkolak
matana. Tuluy ngeclak maseuhan pipi. Ku Usman di susut ku tungtung curukna.
“Naha bet nangis?” Sora Usman semu anu ngaharewos. Leungeun katuhuna anteng
nyuay-nyuay buuk Lilis anu ngarambuay semet taktak. “Punten Kang Usman tos
campelak ka Lilis.” Usman rek ngalesotkeun cekelanana. Tapi ku Lilis malah di
rongkel. “Kang…”, sora Lilis halon. Panona neuteup panon Usman.
Mireungeuh
kaayaan kitu hate Usman jadi guligah. Harita duanana paadu teuteup kalawan
anteb. Gap leungeun Usman kana cangkeng Lilis. Tuluy awak Lilis diadekeun
sangkan leuwih adek jeung awakna. Ku Usman leungeun Lilis dirongkelkeun kana
beuheungna,ngarah tangkeupan leuwih pageuh. Jep taya caritaan anu kedal,ukur
renghapna ambekan nafas-nafas cinta dua manusa anu tikelebuh dina lautan
asmara. Teu kuat nahan bedasna birahi
lir ombak nu ngagalura jero dada. ***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar