Sabtu, 01 Oktober 2016

Carpon Lili Guntur:

SALINGKUH
    
SABOT Lilis keur titilep meresan pangsrean,Imas norojol geus saged meunang di seragam. Sakolana Imas teh kelas hiji atawa kelas 10 SMA. Anak nunggal. Tampolana mun rada ogoan teh, mun aya kahayang teu bisa dipogogan. Ongkohna deui kunu jadi indung teu weleh diabanan,kajeun gudar-gedor jual jaar, berkorban demi nyumponan kahayang nu jadi anak.
                “Kumaha Mah,meser sapatu gunung sareng ransel the cios? Pokona Mamah kedah cios mangmeserkeun ransel sareng sapatu gunung,upami henteu Imas moal ngiringan CPD (Camping Pendidikan Dasar).” Memeh jung ka sakola Imas ngarenghik kaindungna.
                “Ku Mamah oge nuju diemutan,keun engke sugan ngantosan Ayah dongkap.”
                “Iraha sih Ayah uihna?”
                “Ke sonten atanapi wengi.”
                “Lami atuh, Imas kan berangkat CPD na enjing,enjing-enjing. Moal kabujeng ka pasar atuh ari Ayah dongkapna wengi mah. Kumaha we atuh Mah carana,milarian artos…” Imas teu repeh ngadongdolek kanu jadi indungna.
                “Nambut kasaha atuh,da moal cekap ku saratus dua ratus.”
                “Pokona Imas mah tidak mau tau,terserah Mamah kumaha carana ngayakeun artos dinten ieu kanggo meser perlengkapan CPD. Engke Imas uih sakola,sapatu gunung sareng ransel kedah meser.Dag,Mah…,assalaamu’alaikum. Imas berangkat!”
                Imas ngalesoa ninggalkeun indungna,indit sakola,di anteur ku paneuteup indungna nepika les na.
                Sajungna Imas, Lilis bet jadi ngabaheudeun sorangan jero kamar. Leungeuna masih ngeukeuweuk simbut tilepaneun. Harita pikiran Lilis ngadak-ngadak baluweng. Kudu timana ngayakeun duit keur nyumponan pangabutuh nu jadi anak?
                Satekah polah Lilis mapalerkeun eta kabingung. Antukna top kana sapu, der beberesih,mimiti ti kamar tuluy ka tengah imah,geus kitu ka teras. Basa Lilis keur jongjon sasapu di teras, harita ku manehna teu kapalire Usman,tatanggana urang kulon nanya kamenehna.
                “Ih,geulis-geulis torek geuning ! Budi! Budeg dikit,hey nu geulis…!Beberih yeuh?” Sakali deui Usman nanya bari semu ngaheureuyan.
                “Aeh geuning Kang Usman, punten Kang,numawi abdi the nuju malaweung…hmm…Angkat kamana?”
                “Kieu we ah luntang-lantung,kaleresan nuju nyalse teu aya kagiatan. Ari barang damel ulah sok bari malaweung,kamana  Aji,ingkang caroge?”
                “Biasa we nuju ka kota.Tadi angkat rebun keneh.”
                “Enya,ari suami nuju usaha ulah sok dibebani ku emutan,bebaskeun we tong sok di anggo huleng jentul  bari malaweung. “
                “Saha barina oge huleng jentul ngemutan anu nuju usaha? Masihna Kang Usman,nembe sawengi  dicuekin ku The Mimi tos gagalaprakan…”
                “Naonana gagalaprakan…?
                “Muhun,eu..man..aeh…”Lilis teu kebat mengkek bahamna.
                Sedengkeun Usman harita nyerengeh kacida sugemana dibawa banyol  ngaler-ngidul ku Lilis. Sasat hayang tibaheula meunang kasempetan model kitu teh. Kari-kari ayeuna Lilis bangun anu kacida leahna.
                “Ah Kang Usman mah tos lami tara ‘gagalaprakan’. Kulem oge tara sara sareng,tos pisah ranjang,komo saatosna si Agus Ageung mah makin jarang we kikituan teh.”
                Ti tadi nu ngalobrol teh silih gentraan. Usman ngajanteng di  juru pager buruan, sedengkeun Lilis di teras bari nyenyekel sapu,sasat ti tadi keur beberesih.
                “Didieu atuh Kang ngobrolna,urang di lebet geura,sakantenan abdi teh aya nu bade dicarioskeun ka Kang Usman.”
                “Leuh,leuh,leuh,aya ku rareuwas…aya naon yeuh?” Kituna teh bari jeung  atoh meunang pangaku titah kajero ku Lilis. Teu kaleked,kojengkang unggah nuturkeun Lilis ka jero imah. Satuluyna duanana dariuk,ngobrol di halere.
                “Numawi kieu Kang Usman. Nanging punten sateuacana abdi teh kumawantun ka Kang Usman,bane ku terpaksa.”
                “Yah,yah,yah,perkawis naon tea?” Cek Usman geus teu sabar hayang ngadenge naon anu rek diobrolkeun ku Lilis kamanehna.
                Atuh derekdek naon perkara anu jadi kasusah dirina ku Lilis dicaritakeun ka Usman. “Tah kitu Kang masalah anu nuju karandapan ku abdi teh. Abdi wanton ngumaha ka Akang bane we dumeh ngaraos teu asa-asa. Margi upami ngantosan pun lanceuk can tangtos wayah kumaha uihna ti kota.”Lilis mungkas caritaanana.
                “Teu sawios Lis,bade sareng saha deui urang teh silih tulungan. Silih cumponan pangabutuh. Kitu sanes?Hehehe…! Tah kitu tong asa-asa,nyarios we ari aya kaperyogian mah,Kang Usman mah atoh dikumahaan ku Lilis sok komo eta kaperyogian teh kanggo kapentingan sakola Imas. Etang-etang ngiring mikanyaah ka Imas. Sabaraha ageungna  artos anu diperyogikeun teh?”
                Pok Lilis nyebutkeun gedena duit anu dibutuhkeun.
                “Tenang lah ari nembe sakitu mah. Ayeuna mah Lilis teu kengeng huleng jentul, bari nguluwut nguyung.  Ke bilih janten depresi. Upami tos depresi lebar eta pameunteu anu geulis teh moal berag cahayaan. Sakantenan we kang Usman oge bade blak-blakan,pangemut Kang Usman ayauena saatna anu paling tepat Kang Usman curhat ka Lilis..”
                “Curhat perkawis naon Kang…” Cek Lilis bari neuteup anteb beungeut Usman anu harita semu anu asa-asa rek cumarita kadirina. Meunang paneuteup ti Lilis rada rampang-reumpeung oge Usman teh. Tapi kituna teh teu lila, Usman sadar, manehna teh lalaki lalanang jagat kudu konsekuen dina nangtukeun sikep jeung putusan. Antukna Usman ngabales paneuteup Lilis kalawan seukeut. Dua panon paamprok  paadu teuteup. Terrrr…serrrr…nud…kana jajantung Usman aya nu kekenudan. Ngadak-ngadak aya birahi ngagolak jero dada. Pok Usman ngagerentes jero hatena,”Mh,Lilis teh emang geulis.” Bryay kabayang dina ingetan Usman tiheula pernah mireungeuh Lilis tas mandi ti sedong meunang di samping anduk pungsat. Bitisna ngolenyah koneng umyang  ngabuah pare. Hate Usman ngageter jantungna tambah nurugtug pangaruh dorongan birahi hiji lalaki nu geus sawawa.
                “Bade curhat naon Kang Usman teh,sok ku Lilis didangukeun.”
                Bari rada gelagapan pok Usman nyarita,”Eu..,kieu…,janten…eu…saupami ieu hal  henteu kedal ka Lilis kawasna bakal ngabagel dina angen. Kang Usman bakal ngaraos panasaran dugika tungtung umur.  Terus terang Lis,saleresna kang Usman teh rela berkorban apa  saja kanggo kasugemaan Lilis. Dangukeun nya Lis,Kang Usman bade nyarios kalayan daria…”
                “Muhun ieu oge nuju didangukeun.”
                “Sungguh? Serius?”
                “Bujeng-bujeng serius abdi mah… dua rius,hmm…”
                “Jangan kulir atuh.”
                “Suer! Saha anu kulir? Sok teraskeun obrolan tadi  gantung dangueun,meni di atus pisan nyarios teh kawas dina sinetron wae.”
                “Ind,indo,kayungyun ari heureuy nu geulis. Cariosan meni trendy.”
                “Tuh malah Kang Usman kalah ngadongeng nu sanes-sanes. Jangan teras merayu atuh da abdi mah tos aya nu gaduh.”
                “Meungpeung teu aya nu gaduhna.”
                “Tah eta,pameget kitu teh namina cunihin alias purunyus dotcom saur Kang Elji oge.”
                “Saha Kang Elji?”
                “Muhun Kang Elji,penyiar radio.”
                “Saur tiori, gaduh caroge mah kedah ka pameget anu sakedik kagungan watek cunihin. Margi cunihin teh tandana gairah.”
                “Filosofi saha eta teh? Eta mah filosofi Kang Usman.Nembe terang Lilis mah.”
                “Kasihan de lu. Nembe terang,nya.”
                “Kang Aji mah bageur da, teu cunihin kawas Kang Usman.
                “Kantun Lilis we menilai,lalu coba merasakan, bahwa laki-laki cunihin mah penuh gairah,hahaha.”
                “Tos ah,tong ngadongeng soal nu kitu. Sok nyur..nyuran…abdi mah. Teraskeun obrolan tadi teh,janten kumaha?”
                “Eh enya,tos dugika mana tadi hanca obrolan teh?”
                “Duka,ih!”
                “Keun we atuh soal obrolan mah. Tampi heula ieu artos. Heug simpen dinu merenah.” Usman ngasongkeun duit saratus rebuan lima lambar.
                “Nuhun Kang.”
                Sanggeus nampanan duit Lilis ngojengkang ka kamar,maksudna rek ngampihan eta duit. Teu nyangka mun harita Usman bet nuturkeun. Ku Lilis di cegah. Tapi Usman merekedeweng.
                “Teu kengeng ka lebet atuh!” Bari nyurungkeun awak Usman sina kaluar. Usman kalah ulungah-elengeh. Gep,leungeun Lilis di cekel lebah pigeulangan bari nyarita semu haroshos,”Lis…” Cek Usman. Tapi cekelanana geuwat kuLilis dikepeskeun.
                “Kaluar Kang,bilih aya jalmi.”
                “Aman Lis,da teu aya sasaha atuh.” Gep deui  ayeuna mah Usman teh nyekelna kana lebah taktak. Atuh posisi awak duanana jadi paduhareupan. “Teu aya sasaha Lis,moal aya nu terangeun.” Sora Usman semu ngageter.
                “Gusti Alloh Maha Uninga.”
                “Oh,geuning..emut nya ka Pangeran.”
                Lilis jamedud teu panuju kana peta Usman anu campelak cumantaka ka dirina. Tapi harita cekelan Usman can keneh udar. Kalah tuluy lalaunan awak Lilis diadekeun kana awakna. Sajongjongan Lilis ngahenen dina rangkulan Usman.
                “Kang,teu kengeng kikieunan ah!” Lilis geugeubig deui,nerejel hayang leupas tina rangkulan Usman.
                “Akang teh panasaran Lis. Salami ieu Kang Usman tersiksa emut wae ka Lilis.”
                “Sing hawatos atuh ka abdi…” Lilis ngalengis. Tapi Usman kalah beuki teu uyahan. Rangkulanana tambah pageuh.
                “Tapi ketang Kang Usman oge moal maksa anu teu suka.”
                Ngadenge Usman nyarita kitu Lilis tanggah. Katangen usman keur anteng neuteup manehna. Basa dua panon paadu teuteup,dumadakan cipanonLilis ngemeng dina kongkolak matana. Tuluy ngeclak maseuhan pipi. Ku Usman di susut ku tungtung curukna. “Naha bet nangis?” Sora Usman semu anu ngaharewos. Leungeun katuhuna anteng nyuay-nyuay buuk Lilis anu ngarambuay semet taktak. “Punten Kang Usman tos campelak ka Lilis.” Usman rek ngalesotkeun cekelanana. Tapi ku Lilis malah di rongkel. “Kang…”, sora Lilis halon. Panona neuteup panon Usman.
                Mireungeuh kaayaan kitu hate Usman jadi guligah. Harita duanana paadu teuteup kalawan anteb. Gap leungeun Usman kana cangkeng Lilis. Tuluy awak Lilis diadekeun sangkan leuwih adek jeung awakna. Ku Usman leungeun Lilis dirongkelkeun kana beuheungna,ngarah tangkeupan leuwih pageuh. Jep taya caritaan anu kedal,ukur renghapna ambekan nafas-nafas cinta dua manusa anu tikelebuh dina lautan asmara. Teu kuat nahan bedasna  birahi lir ombak nu ngagalura jero dada.  ***



Carpon Lili Guntur: SALINGKUH      SABOT Lilis keur titilep meresan pangsrean,Imas norojol geus saged meunang di seragam. Sakola...